Minggu, 23 Oktober 2016

Anaking

Anakking, dunya muter marengan kahirupan manusa, susah jeng bungah gasar geser, lir berang kaganti kupeting sakapeung karasa amis, sakapeung karasa pait, mun amis karasa kareueutna mun pait ngadilen naletahna, nyakitu lalakon nu karandapan ku urang sadaya. Anakking, mun seug ku urang dilenyepan nepi kalaksana cita-cita, cumpon sagala kahayang syare'atna taya iwalti jasa indung jeng bapak. Tikikirik nepi ka jadi anjing, tingongkoak nepi kangungkueuk, tileuleutik nepika dewasa istunig jasa aranjenna teu weleh geten, ngaping ngalbingbing sangkan hidep hirup jeng huripna. Anakking, mun emut mangsa katukang, ngalenyepan mangsa hidep disiramken dina patuangan indung hidep, ema laleuleus jeng nahnay hoream sagala sungkan, barang dahar ge te mirasa, nginum jadi te nyari, ari kahayang kanu haseum dibelaan janari tengah peting bapa urang barang teangan da bisi si utun kumaha onam. Anakking kandungan beuki ngaageungan, karipuh muwuh nambahan, lumaku ge beuki suda, cacak mun teu ras kawajiban kanu jadi anak,meren sagala hoream. Kacipta meren kuhidep dek mapah ge jadi paur, kitu salah kieu salah, diuk teu beutah sare tugenah, nyangigir kakenca berat kakenca, nyangigir kakatuhu berat kakatuhu, nangkarak tebisa nangkuban karasa eungap. Basa hidep bulan alaeun, kahariwang beuki nambahan, sieun kitu tea dieun kieu tea, kumaha mun kitu kumaha mun kieu, mang puluh-puluh pantangan disingkahan, bari pikiran mah marojengja mikiran timana keur popokna.,timana keur tilamna, timana keur mekelan indung beurang. Anakking, datang mangsana hidep medal kadunya ema adu rejeng tanfon nyawa, lamey na te liren-liren humarurung doeantenna les-lesan, ari pananganna kumareumbing neangan ker pamuntangan, manahna jumerit kanu maha kawasa , Duh Gusti....pasihan abdi kakiatan, salametken pun anak, nyerina mah nyeri geus lain rasakeuneunnana deui, WAHNAN 'ALAA WAHNIN payah beh ditueun ti payah, pdrih beh ditueun peurih. Nungariung gigiren bati watit jeng karunya milu rumenghap bari jeng engap, gurudag hidep lahir, goar cerik jejerita. ALHAMDULILLAH ceuk nu ngariung. Anakking, awak karasa nahnay taya tangan pangawasa, urut aguriging tandon nyawa, sanajan bari boborot ku getih, kajurung ku panasaran lalaunan ema cengkat hoyong ningali kaayaan hidep, ari breh.....Gustiii.... ka peurih dadaksakala leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, kasilep kukabungah, bungah lantaran hidep ges salamet... Ah cape nulisna tos we ah da tos salamet... mudah2an jadi pangemut2 kana jasa sepuh